Rabu, 05 Agustus 2015

Maling Hayam Vs Panganten

Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ilik ka katuhu jeung kenca, ngaler ngidul jeung ngulon,
tuluy keteyep ngadekeutan ka hiji imah panggung, maklum dikampung mah masih
keneh loba imah panggung, jeung biasana kolong imah teh sok dijieun kadang hayam, kandang entog, kandang kelenci, pokona
mah kolong imah teh sok dijieun kandang ingonan anu manfaat keur kulawargana, multi level meureun nya ayeuna mah
istilahna teh.

Tah simaling teh caritana rek maling hayam, rerencepan muka panto kandang bari jeung
dugdag-degdeg da sieun kadengeeun kunu boga imah, barang keur muka panto
kandang ngadenge aya sora awewe
"kang....tos dibuka......", simaling
ngagerendeng na hatena "duh! nyahoeun aing muka panto", simaling jempe sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncor
sirahna ka kandang, ti imah kadenge deui sora awewe "duh kang tos lebet nya !!!"
sorana rada tarik, simaling ngorejat bari kukulutus dina hatena "haram jadah!
nyahoeun aing rek maling hayam !", padahal nu dijero imah mah teu nyahoeun nanaon
da puguh keur sosonoan, maklum masih pangantenan.

Isukna simaling jualan bonteng di pasar, kabeneran sipanganten oge indit kapasar, pas liwat ka tukang bonteng awewena nyarita ka salakina bari ngadilak ka tukang
bonteng, pokna teh "kang siga nu wengi nya!". maksudna kana bonteng, tapi Tukang
bonteng ngageubeug hatena, rey...... beungeutna ngadadak beureum, tuluy hudang tina diukna, beretek lumpat
tipoporose sieun ditewak, hatena baceo "duh bener-bener nyahoeun ka aing".

padahal si awewe mah ngomong kitu teh kanu boga salakina.

Maung Jeung Uncal Cabul

Hiji poe leuweung nu sakitu legana kaduruk nepi ka cai ge garing bakating ku panasna
seuneu. sasatoan kabeh mencar kalabur kaluar, teu nyesa hiji hijieun acan.

Sanggeus kahuruan tinggal haseupna tina jeuro guha kaluar indung jeung anak maung.

"Ma..aden lapar" anak maung ka indungna

"Nya ke urang..." can ge beres nyarita, ti tukangeun kaluar oge uncal ti jeuro guha, singhoreng uncal jalu nu ngilu nyumput.

"Ma itu uncal..udag ma aden hayang daging uncal" anak maung rada ngagareuwahkeun
indungna anu reuwaseun.

Indung maung teu talangke langsung luncat
ngudag eta uncal.

Uncal anu leuwih leutik leuwih lincah tibatan maung, ngan satarik tarikna ge sato nu
geus nahan lapar jeung hawa panas duanana beuki laun, ngan sakadang uncal gancang manggih jalan manehna lulumpatan ngaliwatan tangkal kai nu rekep,
maung bati ku nafsu teu bisa newak bae beunang kadeoh, manehna muru uncal
ngan..awak maung tungtungna nyelap na sela tangkal.

Kanyahoan maung teu bisa ojah, uncal nguriling balik deui. abong jalu sanajan uncal boga pikiran cabul.

"Ah..bae sagalakna maung, da ti tukang mah angger we maung bikang" uncal ngomong
sorangan. geus kitumah maung teh diopi ku uncal.
geus beres uncal terus lumpat deui bari heheotan..(aya kituh uncal nga heot).

Geus bisa leupas maung balik deui ka anakna.

"Ma...ma..kumaha SI UNCAL teh
beunang...mana ma..aden lapar.."

Indung maung kadon jamutrut ka anakna " eh...ari maneh tong susa sisi PAPIH kituh!!!" bari ngaleos.

Pantun sunda sareng sisindiran

Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
cai …. ninggang ….
laun-laun jadi orok

Kembang cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan

Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
aya randa gogoakan
katinggang ku hulu botol

Jauh jauh manggul awi
nyiar-nyiar pimerangeun
jauh-jauh neang abdi
nyiar-nyiar pimelangeun

Aya listrik di masigit
caangna ka Pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
hanjakal teu di calana

Manuk ciung na pisitan
buah nona aratah keneh
dicium kunu kumisan
si nona kalahka jebleh

jalan-jalan ka cianjur
nijek batu ngajelegur
hanas meuli bajigur
diambuan bau bujur

kini kini kuang kuang
geutok geutok peupeundeyan
nini nini keur mendeyang
di bekok peperedeyan

hayu urang bareng ngecrik…
ulah poho mawa emberna…
kunaong mang, ……. ceurik…
hayang nyusu ka nini na…..wkwkwkwkk

kacibogo kacibadak
meuli ragi di bendunagan
ulah bobogohan jeng budak
mahugi pepeulendungan

lelempangan meuli timun
meulina ka kang apip
dari pada urang ngalamun
mendingan k smp yapip

ecet-ecet oet-oet
barudak ngarurek belut
kapelet kuring kapelet
ku randa nu gede hitut

malati kembang malati
dipelakeun dina batu
upami hoyong ka sim abdi
dongkap wae ka buah batu..

nini-nini kuang kuang..
aki-aki nuju tuang…
nini aki meuni beugang

belah duren d mlam hari
blah nangka d siang hari
babeh kren bnyak yg nyari
pas ketemuan pd lari….

Cangkang cau di pulungan
Cangkang leupeut di piceunan
Ari hulu di tiungan
Ari …….. di bikeunan

Rincik rincang rincik rincang saladah gede beung ketna
Sidik pisan sidik pisan nyiranda
gede …….na puntenya jorang saeutik

permen mentos
tahu tempe
tos ah
cape

Rujak ngkol rasana pait….
Nu nga Missed Call TEU BOGA DUIT…..Mau pulsa ???

Meuli piring di Mang Ohan
Mayarna make duit rebuan
Mun Silaing keur bobogohan
Eta leungun ulah kakarayapan

KINI-KINI TIPARIGI
ANAK BOGO NA AYAKAN
NINI-NINI LARI PAGI
NGAJEGOG DINA TANJAKAN..

AYA JURIG AYA RIRIWA
KINI-KINI DINA LEDENG
AYA IJID AYA NGEWA
NINI-NINI NGAJAK NGEDENG..

ci karacak ninggang batu
laun-laun jadi dekoq
sirah botak katinggang batu
nya eta …. bletok

Makan sekoteng
Diatas Pesawat
Punten Nu ganteng
Bade lewat…….

aya manggah aya jambu
aya uyah aya cengek
metis yu…………..??

obat nyamuk
katiup angin
kuring ngamuk
menta kawin

sugan teh kaliki dangdeur
boro abdi gancang ngadek
sugan teh lalaki bager
boro abdi gancang daek
he he he ….

aya rangda geulis pisan
geulisna leuwih ti artis
mana…mana euy rangda na….

tataksiran tataksiran
hulu botak disisiran

kaduhung ngadu kaleci
meuli leupet di cabean
kaduhung boga salaki
liang……..ngagedean.

cingcangkeling
pais lele di daunan
cing nyai cicing urang……..lalaunan

kemis pahing kliwon wage
nu geulis ngising di kebon cabe

01 awipari
02 lembur nyantong
abi isin ku pak haji
gagaduhan can dipotong

di keubon aya nu mancing
urangna teu acan di acukan
lamun urang eukeur geuring
geura – geura di ubaran

Kamana jalan ka heuleut
Kaditu ka sisi cai
Kamana jalan ka………….
Kaditu kasisi liang……….

Meuli jagong keur japati
Eta jagong di awurkeun
Eta beungeut jiga peti
Anu erek di kuburkeun

Aya mobil warna silver
Mobilna keur ngala pare
Lamun maneh hayang pinter
Ulah loba teuing sare

tah mun mneh hayang pinter

Sisindiran

Salawe dua lima
Saleting rok ti malangbong
Awewe jaman ayeuna
Pingping borok ge ditembong-tembong

kica kica dina meja,
katembong kaca purina,
abi bogoh ka manehna,
katembong imut seurina.

ari lilin lilin bandung
geus hurung sok poek deui
ari ulin ulin bandung
geus embung sok hayang deui

di guha meuni barala
bumi kosong taya nu gaduhna
mika cinta ti baheula
mugi leres aya jodo na

hayang iuh make payung
kumaha mukakeun nana
hayang wawuh jeung nu pundung
kumaha nyukakeun nana

Meuli hayam jeung waliwis
Kalkulator dina luhur meja
Lamun hayang kanu geulis
Kudu boga motor ninja

Kamana jalan ka asia
Tuh kaditu ka palih wetan
Kamana jalan ka surga
Tuh kaditu ka pangaosan

Aya lilin warna koneng
Di jieun di singaparna
Hayang ulin ka si eneng
Tapi sieun ku bapakna

Sisindiran Pantun Sunda

Awak kuru meni begeng
Geus begeng tambah cembetut
Aya awewe ekeur nonggeng
Singhoreng ekeur ngaluarkeun hitut

Tutut lain sembarang tutut
Tutut dicandak ti Cirangkong
Hitut lain sambarang hitut
Hitut gede siga bangkong

Lamun tutut ti Cirangkong
Jung ditunda di kobong
Kajeun hitung siga bangkong
Nu penting beuteng molongpong

Kobong saha asa kajeun
Di Malangbong ibak-ibakan
Molongpong soten beuteng anjeun
Ari batur kalabakan

Aya kacang geus garing
Meulina di parapatan
Aih lain salah kuring
Naha hitut diiseupan.

ecet-ecet oet-oet
ngaronda ngalureuk belut
kapelet kuring ka pelet
ku randa nu gede hitut.

Didieu loba kanyere..
Hanjakal parentil keneh..
Didieu loba awewe..
Hanjakal carentil kabeh

Ibu peri milih casan..
Ngan hanjakal teu dibeuli..
Itu istri geulis pisan..
Ngan hanjakal tara mandi

Tibatan mawa padang..
Mending ge mawa ragaji..
Tibatan ulin begadang..
Mending ge diajar ngaji

Aya tempe nuju dibacem..
Ngadamelna nepi ka lieur..
Abdi aya hate ka anjeun..
Naha anjeun bet ngabalieur

pergi ke lembang beli tinta..
tinta diberi ke mang mihun..
kalau memang sudah cinta..
tak bertemu sehari serasa setahun

Cikunten lamping cikunten..
Ka baros muteran parapatan..
Hapunten kuring hapunten..
Tina entos seueur kalepatan

Ka cikajang meuli pisitan..
Dina bantal aya tikukur..
Aya mojang geulis pisan..
Ngan hanjakal pamajikan batur

Si entong indit ka braga..
Henteu poho ngajak si angga..
Tong sirik kanu leuwih boga..
Tong ngahina kanu teu boga..

Daun hiris dibeungkeutan
Dibawa ka juru leuit
Anu geulis ngadeuketan
Hayangeun di bere duit

Ka subang tea basa burit..
Geuning loba halangana..
Mun urang teu boga duit..
Geuning loba kahayangna..

Supa mayang saboboko,,
Saparo na dikaparakeun,,
Hayang mah tibareto,,
Ngan acan kalaksanakeun.

Ngabalangkeun ti pancuran,
Ngadon nyangsang kana galeng,
Ngabangbrangkeun pipikiran,
Hate angger tetep manteng.

Hayang teuing nyaba ka bandung,,
Sok hayang apal nanjakna,,
Hayang teuing nanya nu pundung,,
Sok hayang apal nyentakna

Lamun maneh boga keris..
Sok paehan lauk hiu..
Lamun maneh pinter basa inggris..
Sok naon artina love you

Rek leumpang meuli dawet,
dawet anu digulaan,
Asa hayang sangu liwet,
liwet anu dipedaan.

Nyepeng piring naha tibalik..
Saga nu doyong kahujanan..
Meungpeung kuring boga milik..
Saha nu hoyong dijajanan

Jarak oge jadi koneng
Ngan geutahna utal atel
Harak soteh ka si eneng
Bongana sok tual toel

Ti tarikolot ka cimanggu
Ti leuwiliang ka cibubur
Ari geus kolot tong loba lagu
Cing inget ka liang kubur

Lauk teri daun pecay
Lalab bonteng sayur lompong
Paingan siaki teh ngacay
Singhoreng huntu na ompong

Katapang sisi tampian
Dauna kana lahunan
Patepang dina impian
Jauhna jadi lamunan

Moe pare dina hateup
Anu garing rek dikarungan
Hese sare teubisa reup
Gulang guling ngan sorangan

pingping cakcak pingping toke
papang hulu momotoran
geura pecak peuting engke
bisi kaburu kotoran

mang amin dahar tamusu
mang iit nginum na cangkir
mun kawin make nafsu
datang hansip mawa geugendir

caringin sisi astana
melak tomat sisi sawah
mun kawin make agama
datang rohmat jeung magfiroh

sok hayang ka kadipaten
meuli bandeng salawean
sok hayang jadi panganten
ngarah mineng ganti pakean

salawe dua lima
sate kodok dicolok-colok
awewe jaman ayeuna
make anderok papondok-pondok

Kaca piring dina kasur,,
Mawa manggu ngepel di tonggoh..
Hayang teuing jiga batur,,
Malem minggu apel ka kabogoh..

itu saha nu kalebak,
bajuna mani kuleuheu,
itu saha nu acan ibak,
bauna dugi kadieu

buaya na jero bak,,
hulu hurang diala'an,,
baraya geura aribak,,
hayu urang jalan-jalan

kamuning murag kalebak,
kalebak kana susukan,
hayang teuing murak martabak,
martabak nu disu'ukan.

Bangbara na daun hiris
Kulit munding di koranan
Sangsara uing tariris
Gulang guling ngan sorangan

Mencit meri dina rakitt .
boboko wadah bakatul ....
sanes nyri ku panyakit ...
kabogoh sien d tikah batur

Kini kini kuang kaing,
di talian ku bagedor...
Nini nini kawin jng aing
di cabak susuna kendor...

Mang kohar topina ungu,
Kasawah meuleum jarami,
Rek dahar euweuh sangu,
Kapaksa ninyuh sarimi..

Ngagoreng tempe ngangge lisah,
Ngaemamna bari maen catur,
Ieu hate teupuguh gelisah,
Sienengna sieun ku batur..

Kayu manis batrawali,
Kembang eros kembang kangkung,
Anu manis saha nyai,
Hayang naros tos ngalangkung.

Aya listrik di masigit
Caangna ka maleboh
Aya istri jangkung alit
Jadina weh bogoh

Pantun Sunda

Rincik rincang rincik rincang
aya roda na tanjakan
Sidik pisan sidik pisan
nyai teh bogoh ka akang..

Cikaracak ninggan batu
Laun-laun jadi legok
Nincak ruhak dina batu
Laun-laun ngagorowok

Budak leutik bisa ngapung
Eta kalong ngrana
Botak saeutik jiga celempung
asa hayang ngarampana

Iwung bungkulna maju
nangka tangkalna dibabad
Indung tunggul rahayu
Bapak tangkal darajat

Daun hiris dibeungkeutan
dibawa ka juru masigit
Anu geulis ngadeukeutan
hayangeun dibere duit

Opat baris salah nyambung
mun tukang kakara ngabangun
Omat geulis ulah pundung
mun akang kapaksa nyandung

Aya listrik di masigit
caangna kamana - mana
Aya istri jangkung alit
hanyakal teu di calana

Kaso pondok kaso panjang
kaso ngaroyong ka mimbar
Sono mondok sono nganjang
sono ngaloyor ka kamar

Saha we nu bade nyangke
kamari abdi nu ngajagi
Bebende nu hade hate
pamatri ati nu sajati

Colenak enak dicocol
Komo mun tambah kalapa
Beletak pitak ditakol
Poho mun sirah mitoha

Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu
laun-laun nya dilebok..

Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
Aya randa gogoakan
katinggang ku pohpor banpol

Batok kohok wadah huut
meuli eunteung jang bikeuneun
Budak montok gede hitut
nyeri beuteung, jeungjeuriheun

Kembang cula kembang tanjung
kembang sagala domdoman
Rek sabulan rek sataun
moal weleh diantosan..

Pedah kuring kuralang kuriling
ucing ge'ring ngahariring
Tengah peuting jempaling jempling
kuring nyaring hayang ngising

Hayu urang mupu tiwu
ohan malah mobok pagu
Huntu linu murukusunu
bongan tara ngosok huntu

Mulung tanjung tengah gunung,
meunang cangkilung saguruntul
Nurus tunjung mbah dukun
ceunah nulung malah rahul

Ka Jampang mawa pakarang
ajang pe'rang makalangan
Ka akang naha sale'mpang
akang sayang ngan ka yayang

https://facebook.com/gorowoksetan.deathmetalcorpse