Wanci beurang nu cikeneh marengan
Ilang kasilih digjayana peuting
Lalakon kahirupan nu tadi beurang di pilampah
Ukur jadi lalakon lawas nu moal bisa dibalikan deui
Jadi catetan panjang nu moal leungit sanajan sakecap
Estu natrat dina ukiran sajarah kahirupan
Nu baris nangtukeun bagja jeung cilakana manusa
Guareun di alam nu bakal datang..
Wengi ieu urang sumujud kanu Maha Kawasa
Ecagkeun sagala lalangse hate
Nnu baris jadi ruruhit kahirupan
Guar deui lalakon kahirupan anyar..
Isuk geto susuganan pinanggih jeung kabagjaan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar