Rabu, 05 Agustus 2015

Wilujeng Enjing (Sriloka)

Waktu peuting geus lekasan
Ilang kaganti kupoe anyar
Langit lenglang taya aling aling
Urang bageakeun ku hate pinuh harepan
Jadikeun poe kamari pikeun
pieunteungeun
Enjing sugan pinanggih kabagjaan
Neundeun harepan kanggo kapayun
Guareun hirup nu mangsa datang

Endahna waktu ayeuna
Ngabambarkeun weningna kaasih nu Murbeng Alam
Jalan kahirupan nu baris kasorang
Insya allah ,,,,,
Nyandak kasinugrahaan
Geuwat titenan diri tina bangbaluh poe kamari

Tidak ada komentar:

Posting Komentar